SENI ADALAH PERILAKU HIDUP

Bersama Seni Aku Lalui Waktu.

SENI ADALAH PERILAKU HIDUP

Bersama Seni Aku Lalui Waktu.

SENI ADALAH PERILAKU HIDUP

Bersama Seni Aku Lalui Waktu.

SENI ADALAH PERILAKU HIDUP

Bersama Seni Aku Lalui Waktu.

SENI ADALAH PERILAKU HIDUP

Bersama Seni Aku Lalui Waktu.

Rabu, 29 Juni 2016

KONGRES KABUDAYAAN JATIWANGI

Hampura, kuring deuk ngaguar saeutik perkara Jatiwangi. Ulah alergi mireng Jatiwangi, sabab satemenna Jatiwangi ogé hakekatna mah Majalengka. Saheulaanan urang sieuhkeun patalekan, naha Jatiwangi? Naha lain Majalengka? Naha lain Jawa Barat? Naha lain nasional? Heup. Heup. Lamun patalekan éta dipiara, asana nu muncul kalah wungkul apriori jeung polemik tan manggih tungtung. Urang kahareupkeun kompromi malar herang caina beunang laukna. Palebah dieu, Jatiwangi lain entitas independen, nanging leuwih nyoko kana entitas wewengkon minangka bagian ti Majalengka ku anjeun.

Anyar-anyar ieu, Arif Yudi, pupuhu Jatiwangi Art Factory (JAF), ngabaledogkeun ideu ka pamilon diskusi 27-han tanggal 27 Juni 2016 kamari. Yen geus waktuna di Jatiwangi dilaksanakeun kongres kabudayaan. Kareungeuna mémang kawas nu keur ngalamun, keur ngawawaas, keur ngimpi. Tapi da mémang kitu kanyataanana. Ieu impian, ceuk anjeunna, didukung ku kamandang Kuntjaraningrat ngeunaan wujud kabudayaan anu salah sahijina nyaeta ideu atawa gagasan, sedengkeun wujud nu kadua aktivitas, sarta nu katiluna artefak atawa hasil tina pagawean. Tah, bisa jadi Kongres Kabudayaan Jatiwangi téh mémang ukur ideu, ukur gagasan. Sedengkeun gagasan moal bisa ngawujud lamun teu dipadungdengkeun heula. Di dieu perluna ngobrol. Di dieu perluna kompromi.

Numawi ngahaja cenah, najan judulna Kongres Kabudayaan Jatiwangi, nu diogan téh lain ukur urang Jatiwangi. Nu dipalar muncul kamandang, sabaraha penting kongres kabudayaan anu sipatna lokal? Kumaha pangaruhna keur masarakat pituin urang Jatiwangi, jeung kumaha ogé pangaruhna pikeun masarakat di luar Jatiwangi?

Herry Dim, seniman/budayawan ti Bandung, ngébréhkeun yén ieu gagasan ngeunaan kongres kabudayaan lain hal nu mustahil. Nu teu asup akal mah puguh Kongres Kabudayaan Nasional (KBN). Bet ujug-ujug aya KBN, sedengkeun hasilna teu puguh juntrung, teu puguh hulu teu puguh buntut. Teu aya tindak lanjut. Nu teges, lamun ieu kongres bisa lumangsung, bisa ngajadi hiji embrio pikeun lumangsungna kongres sarupa di tempat-tempat séjén, anu sakaligus ngébréhkeun hidup jeung dinamika kabudayaan di wilayah lokal, anu tangtu bakal jadi kakuatan sarta nguatan Kabudayaan Nasional.

Jatiwangi, ceuk Kadus Ila Baba, teu bina tempat anu flat sarta teu boga kakuatan nanaon. Teu aya nu matak onjoy di ieu tempat, dalah ukur hiji wewengkon datar anu teu boga tanjakan saeutik-eutik acan. Teu jiga Sindangwangi anu miboga terrasering jeung pamandangan anu éndah. Teu jiga tempat-tempat séjénna anu ngebrehkan landscap pikaresepeun. Najan kitu, ku lantaran Jatiwangi boga padumuk, nya padumukna éta anu bakal nangtukeun robahna tangtungan Jatiwangi jadi hiji kakuatan. Nu matak teu aneh upama hiji mangsa Jatiwangi aya di jajaran ngaran kota-kota gede di sakuliah dunya, sabab padumukna boga tarékah. Padumukna boga karep pikeun barobah.

Karakter hiji tempat mémang ditangtukeun ku padumukna sorangan. Jatiwangi anu ukur tanah datar kiwari bisa diangseuan ku batur, malah ku bangsa deungeun, lantaran tarékah jalma-jalma anu dumuk di jerona. Nyaeta jalma-jalma anu mibanda karakter dasar “keras” jeung boga pakarepan anu kuat. Dedeng, mantan anggota DPRD, ngébréhkeun pamanggihna ngeunaan padumuk Jatiwangi anu hirup kumbuh dibarengan ku pacabakan sewang-sewangan, anu sacara langsung jeung teu langsung mangaruhan kana sosial ekonomi masarakat sacara gembleng. Ti padamelan lemes nepi ka pagawéan kasar, malah paripolah satengah kriminal jeung kriminal pleus, nya di Jatiwangi tempatna. Kahirupan “keras” kasebut lumangsung contona di jebor, tempat produksi kenteng jeung bata, di pasar, jeung di tempat-tempat lianna.

Ketang teu munasabah, kaendahan ogé sayaktina aya di Jatiwangi, sabab di ieu tempat kungsi hirup entitas kaendahan anu enas-enasna aya dina kasenian. Seni sastra, seni musik, seni rupa, aya di dieu. Malah bareto, mangsa taun 70-an kungsi tumuwuh teater tradisional, seni pantun, reog jeung sajabana. Kabéh mere warna dina widangna masing-masing. Nguatan niat, nguatan tekad.

Kompleksitas kahirupan di Jatiwangi sabenerna geus méré ciren hadé pikeun ngawujudkeun  sawangan kongres kabudayaan. Patalekan anu muncul saterusnya nyaeta, unsur kabudayaan anu mana anu rek dikahareupkeun? Sedengkeun apan ceuk Kuntjaraningrat ogé kabudayaan téh miboga 7 (tujuh) unsur penting, antarana baé basa, kasenian, sistem religi, sistem teknologi, sistem pacabakan, organisasi sosial, jeung sistem elmu pangaweruh (Koentjaraningrat, 1979: 203-204). Tujuh unsur kabudayaan ieu ceuk Koentjaraningrat mah minangka unsur kabudayaan universal sabab aya di masyarakat sacara umum. Tah, di Jatiwangi, kabéhanana aya.

Numawi kitu, padungdengan ngeunaan kongres kabudayaan téh lain pagawéan hampang. Teu gampang ngawujudkeun ieu niat iwal ti gemblengna pamikiran ti pihak-pihak anu mibanda tanggung jawab jeung sacara langsung kalibet di jerona. Malah nu kudu dipahing téh gawé cacagnangkaeun, ulah ukur nepi kana tataran orasi jeung wacana, nanging kudu jadi hal anu mibanda ma’na pikeun masarakat sacara weuteuh. Lantaran kitu, pamarentah minangka pihak birokrat anu miboga kawijakan kudu diajak badami, sangkan ide atawa gagasan bisa dibarengan ngaguluyurna ku kawijakan pamarentah kaasup dana jeung sajabana.

Urang tungguaN ketak saterusna!