Jumat, 05 Agustus 2011

PRAK-PRAKAN NGAJARKEUN PUPUH


Di handap ieu kasanggakeun conto ngajarkeun pupuh. Sakumaha prak-prakan ngajar, aya tilu tahapan anu kedah dilakonan ku guru jeung siswa, antawisna bae : bubuka, inti, jeung panutup. Pereleanana sakumaha kaungel ieu di handap :

BUBUKA :
1.       Guru mariksa kaayaan murid diawaln ku kecap : “Sampurasun! Kumaha kaayaan hidep poe ieu, sarehat? 2. Saha nu teu sakola? (jeung saterusna).
2.       Guru nerangkeun yen poe ieu rek diajar ngahaleuang dangding wangun pupuh.
3.       Guru ngajak barudak ngabandungan dangding anu dihaleuangkeun ku guru atawa tina kaset. Contona guru ngahaleuangkeun Pupuh Maskumambang.

Itu kusir bangun ambek-ambek teuing
Turun tina delman
Kuda dipecutan tarik
Teu aya pisan ras-rasan.

4.       Rengse ngahaleuang, guru naros ka murid, dangding naon anu nembe dihaleuangkeun. Murid reang ngajawab sakumaha kaweruhna.
5.      Guru nerangkeun yen anu tadi dihaleuangkeun teh dangding dina wangun pupuh. Ari anu dimaksud dangding nyaeta tembang atawa haleuang sora atawa vocal, sedengkeun pupuh nyaeta sesebutan pikeun dangding ngarah teu pahili jeung dangding anu sejenna, anu saterusna urang sebut bae pupuh.
6.       Guru naros ka murid : “Aya sabaraha hiji ari pupuh?” Murid ngajawab. Guru ngamuhunkeun lamun jawaban murid bener, sarta menerkeun lamun jawaban murid salah.
7.       Guru saterusna nyarita : “Cik sebutkeun, pupuh naon bae anu tujuh belas teh?” Murid ngajawab.
8.       Guru naros : naon bedana antara pupuh jeung kawih? Murid ngajawab.
Guru  nerangkeun yen pupuh jeung kawih aya bedana, pupuh teh nya eta dangding anu lamun dihaleuangkeun henteu kauger ku embat atau ketukan. Nanging pupuh kauger ku guru lagu, jeung guru wilangan. Guru lagu nya eta panungtung dina unggal padalisan, ari guru wilangan nya eta lobana engang dina unggal padalisan. Padalisan teh nyaeta jajaran dina unggal pada, ari pada nyaeta “bait”. Contona pupuh maskumamdang anu tadi dihaleuangkeun, dina sapadana aya opat padalisan, unggal padalisan diuger ku patokan lobana engang atawa suku kata, jeung dina tungtung sora kauger ku guru lagu. Jadi bakal kieu :
- Padalisan kahiji : guru wilanganana 7 engang, guru laguna i.
- Padalisan kadua : guru wilanganana 5 engang, guru laguna a
- Padalisan katilu : guru wilanganana 8 engang, guru laguna i
- Padalisan kaopat : guru wilanganana 8 engang, guru laguna a.


Lian ti kauger ku patokan gur wilangan jeung guru lagu, pupuh ngabogaan watek lagu, antarana bae :
 Kinanti ngagambarkeun prihatin, harepan, ngadago

Sinom ngagambarkeun gumbira, senang
Asmarandana ngagambarkeun birahi, silih asih
Dangdanggula ngagambarkeun kabungahan, kaagungan
Balakbak ngagambarkeun pikaseurieun, bobodoran
Jurudemung ngagambarkeun kaduhung, hanjakal
Durma ngagambarkeun  ambek, pasea, gelut, perang
Gambuh ngagambarkeun tambuh laku, samar polah, bingung
Gurisa ngagambarkeun tamba kesel, pangangguran
Ladrang ngagambarkeun banyol, heureuy, gogonjakan
Lambang ngagambarkeun banyol, heureuy, gogonjakan anu leuwih motah
Magatru ngagambarkeun nyelang nyarita, ngeusi, prihatin
Maskumambang ngagambarkeun prihatin, sasambat, nyeri, nalangsa
Mijil ngagambarkeun susah, sedih, cilaka, tiiseun, jempling
Pangkur ngagambarkeun lumampah, napsu, sadia rek perang
Pucung ngagambarkeun piwuruk, wawaran, kaget, eling
Wirangrong ngagambarkeun era, wiring, apes, rugi
9.      Sanggeus kitu, guru nerangkeun yen murid kabeh kudu apal kana pupuh, sabab pupuh mangrupa hasil kabinangkitan urang Sunda, ku sabab kitu hayu urang diajar ngahaleuang pupuh Sinom.

INTI :
1.      Guru masang alat peraga (beberan karton) mangrupa rumpaka pupuh Sinom. Memeh prung ngajarkeun, guru nerangkeun heula patokan pupuh sinom, nyaeta guru wilangan, guru lagu, jeung watekna.
2.      Guru maparin conto haleuang pupuh maskumambang boh langsung atawa liwat kaset  dua balikan.
3.      Guru nungtun ngajar ngahaleuang sapadalisan-sapadalisan. Bulak-balik nepi ka bener kabeh. Tuluy diteruskeun ka padalisan kadua, katilu jeung saterusna.
4.      Sanggeus kabeh padalisan diajarkeun, guru ngajak barudak ngahaleuangkeun Sinom sababaraha balikan.
5.      Guru nanya saha nu geus bias ngahaleuang sorangan.
6.      Murid ngahaleuangkeun sinom saurang-saurang, samentara guru meunteun.
7.      Guru mere komentar kana haleuang pupuh barudak, saha bae nu geus alus, saha bae anu masih keneh kudu ditingkatkeun.

PANUTUP :
1.      Guru mere piwejang yen murid kudu ngapalkeundeui pupuh nu tadi diajaran di imah nepi ka bias pisan.
2.      Guru nutup pangajaran ku ngucapkeun : “Sakitu bae heula. Engke sejen waktu urang diajar deui pupuh nu liana. Isukan urang tepung deui. Sampurasun!”

 Catetan pangaweruh :

Dangding mangrupakeun salah sahiji kabinangkitan Sunda nu asalna ti Mataram. Abus ka Sunda heula pandeuri seni wayang jeung seni batik. Dangding teh susunan basa anu dianggit make patokan tembang. Ari ngadangding nya eta ngarang tembang. Dangding kawengku ku basa ugeran, nyaeta kawengku ku patokan-patokan pupuh. Sedengkeun guguritan mah nyaeta jejer atawa poko nu rek dijieun dangding.
Dina ngadangding pupuh aya nu disebut :
  1. Guru Lagu, nyaeta sora panungtung dina unggal padalisan;
  2. Guru Wilangan, nyaeta lobana Engang dina unggal padalisan.

Pupuh

Ari pupuh teh kabehannana aya 17 ( tujuhbelas ) rupa nu kabagi kana dua garis badag, nyaeta:
  1. PUPUH AGEUNG atawa biasa disebut K.S.A.D., nyaeta:
    • Kinanti, wandana: ngadago, prihatin, harepan;
    • b. Sinom, wandana: senang, gumbira:
    • Asmarandana, wandana: birahi, silih asih;
    • Dangdanggula, wandana: kabungah, kaagungan, kaendahan, kalangenan.
    Pupuh nu ieu mah sok dianggo dina waktos midangkeun Seni tembang sunda atawa mamaos cianjuran.
  2. PUPUH ALIT. Pupuh ieu aya 13 ( tilu belas ) rupa, nyaeta:
    • Pupuh Balakbak, wandana: piseurieun, bobodoran;
    • Pupuh Durma, wandana: ngambek, Perang;
    • Pupuh Gambuh, wandana: samar polah;
    • Pupuh Gurisa, wandana: pangangguran;
    • Pupuh Ladrang, wandana: heureuy, gogonjakan;
    • Pupuh Lambang, wandana: banyol, gogonjakan;
    • Pupuh Maskumambang, wandana: prihatin, nalangsa, ceurik;
    • Pupuh Mijil, wandana: susah, sedih, cilaka;
    • Pupuh Magatruk, wandana: hanjakal, kanyaho;
    • Pupuh Juru Demung, wandana: kaduhung;
    • Pupuh Pangkur, wandana: lalmpahan, nafsu;
    • Pupuh Pucung, wandana: piwuruk, apes;
    • Pupuh Wirangrong, wandana: wiwirang, era, rugi.


3


1 komentar:

Posting Komentar