Hampura, kuring deuk ngaguar saeutik perkara
Jatiwangi. Ulah alergi mireng Jatiwangi, sabab satemenna Jatiwangi ogé
hakekatna mah Majalengka. Saheulaanan urang sieuhkeun patalekan, naha
Jatiwangi? Naha lain Majalengka? Naha lain Jawa Barat? Naha lain nasional? Heup.
Heup. Lamun patalekan éta dipiara, asana nu muncul kalah wungkul apriori jeung
polemik tan manggih tungtung. Urang kahareupkeun kompromi malar herang caina
beunang laukna. Palebah dieu, Jatiwangi lain entitas independen, nanging leuwih
nyoko kana entitas wewengkon minangka bagian ti Majalengka ku anjeun.
Anyar-anyar ieu, Arif Yudi, pupuhu Jatiwangi Art
Factory (JAF), ngabaledogkeun ideu ka pamilon diskusi 27-han tanggal 27 Juni
2016 kamari. Yen geus waktuna di Jatiwangi dilaksanakeun kongres kabudayaan.
Kareungeuna mémang kawas nu keur ngalamun, keur ngawawaas, keur ngimpi. Tapi da
mémang kitu kanyataanana. Ieu impian, ceuk anjeunna, didukung ku kamandang
Kuntjaraningrat ngeunaan wujud kabudayaan anu salah sahijina nyaeta ideu atawa
gagasan, sedengkeun wujud nu kadua aktivitas, sarta nu katiluna artefak atawa
hasil tina pagawean. Tah, bisa jadi Kongres Kabudayaan Jatiwangi téh mémang
ukur ideu, ukur gagasan. Sedengkeun gagasan moal bisa ngawujud lamun teu
dipadungdengkeun heula. Di dieu perluna ngobrol. Di dieu perluna kompromi.
Numawi ngahaja cenah, najan judulna Kongres
Kabudayaan Jatiwangi, nu diogan téh lain ukur urang Jatiwangi. Nu dipalar
muncul kamandang, sabaraha penting kongres kabudayaan anu sipatna lokal? Kumaha
pangaruhna keur masarakat pituin urang Jatiwangi, jeung kumaha ogé pangaruhna
pikeun masarakat di luar Jatiwangi?
Herry Dim, seniman/budayawan ti Bandung,
ngébréhkeun yén ieu gagasan ngeunaan kongres kabudayaan lain hal nu mustahil.
Nu teu asup akal mah puguh Kongres Kabudayaan Nasional (KBN). Bet ujug-ujug aya
KBN, sedengkeun hasilna teu puguh juntrung, teu puguh hulu teu puguh buntut.
Teu aya tindak lanjut. Nu teges, lamun ieu kongres bisa lumangsung, bisa ngajadi
hiji embrio pikeun lumangsungna kongres sarupa di tempat-tempat séjén, anu
sakaligus ngébréhkeun hidup jeung dinamika kabudayaan di wilayah lokal, anu
tangtu bakal jadi kakuatan sarta nguatan Kabudayaan Nasional.
Jatiwangi, ceuk Kadus Ila Baba, teu bina tempat anu
flat sarta teu boga kakuatan nanaon. Teu aya nu matak onjoy di ieu tempat,
dalah ukur hiji wewengkon datar anu teu boga tanjakan saeutik-eutik acan. Teu
jiga Sindangwangi anu miboga terrasering jeung pamandangan anu éndah. Teu jiga
tempat-tempat séjénna anu ngebrehkan landscap pikaresepeun. Najan kitu, ku
lantaran Jatiwangi boga padumuk, nya padumukna éta anu bakal nangtukeun robahna
tangtungan Jatiwangi jadi hiji kakuatan. Nu matak teu aneh upama hiji mangsa
Jatiwangi aya di jajaran ngaran kota-kota gede di sakuliah dunya, sabab padumukna
boga tarékah. Padumukna boga karep pikeun barobah.
Karakter hiji tempat mémang ditangtukeun ku
padumukna sorangan. Jatiwangi anu ukur tanah datar kiwari bisa diangseuan ku
batur, malah ku bangsa deungeun, lantaran tarékah jalma-jalma anu dumuk di
jerona. Nyaeta jalma-jalma anu mibanda karakter dasar “keras” jeung boga
pakarepan anu kuat. Dedeng, mantan anggota DPRD, ngébréhkeun pamanggihna
ngeunaan padumuk Jatiwangi anu hirup kumbuh dibarengan ku pacabakan sewang-sewangan,
anu sacara langsung jeung teu langsung mangaruhan kana sosial ekonomi masarakat
sacara gembleng. Ti padamelan lemes nepi ka pagawéan kasar, malah paripolah
satengah kriminal jeung kriminal pleus, nya di Jatiwangi tempatna. Kahirupan
“keras” kasebut lumangsung contona di jebor, tempat produksi kenteng jeung bata,
di pasar, jeung di tempat-tempat lianna.
Ketang teu munasabah, kaendahan ogé sayaktina aya
di Jatiwangi, sabab di ieu tempat kungsi hirup entitas kaendahan anu
enas-enasna aya dina kasenian. Seni sastra, seni musik, seni rupa, aya di dieu.
Malah bareto, mangsa taun 70-an kungsi tumuwuh teater tradisional, seni pantun,
reog jeung sajabana. Kabéh mere warna dina widangna masing-masing. Nguatan
niat, nguatan tekad.
Kompleksitas
kahirupan di Jatiwangi sabenerna geus méré ciren hadé pikeun ngawujudkeun sawangan kongres kabudayaan. Patalekan anu
muncul saterusnya nyaeta, unsur kabudayaan anu mana anu rek dikahareupkeun?
Sedengkeun apan ceuk Kuntjaraningrat ogé kabudayaan téh miboga 7 (tujuh) unsur
penting, antarana baé basa, kasenian, sistem
religi, sistem teknologi, sistem pacabakan, organisasi sosial, jeung sistem elmu
pangaweruh (Koentjaraningrat, 1979: 203-204). Tujuh unsur kabudayaan ieu ceuk Koentjaraningrat
mah minangka unsur kabudayaan universal sabab aya di masyarakat sacara umum. Tah,
di Jatiwangi, kabéhanana aya.
Numawi kitu, padungdengan ngeunaan kongres kabudayaan téh
lain pagawéan hampang. Teu gampang ngawujudkeun ieu niat iwal ti gemblengna
pamikiran ti pihak-pihak anu mibanda tanggung jawab jeung sacara langsung
kalibet di jerona. Malah nu kudu dipahing téh gawé cacagnangkaeun, ulah ukur
nepi kana tataran orasi jeung wacana, nanging kudu jadi hal anu mibanda ma’na
pikeun masarakat sacara weuteuh. Lantaran kitu, pamarentah minangka pihak birokrat
anu miboga kawijakan kudu diajak badami, sangkan ide atawa gagasan bisa
dibarengan ngaguluyurna ku kawijakan pamarentah kaasup dana jeung sajabana.